Search this bog

Jumat, 30 September 2011

Naskah Drama Sunda


Pancen Basa Sunda
Kelompok        : 5
Kelas                : XI-IPA-1
SI KABAYAN NGINGU MUNDING
Karya : NN
Para pamaen (palaku)
1.      Cecep Kurniawan salaku Si Kabayan 
2.      Ujang Suarna salaku Abah
3.      Muhammad Haris Prasetya salaku Si Lamsijan
4.      Arasmeitha Forestra salaku Nyi Iteung
5.      Wiranda Intan Suri salaku Ambu
6.      Winda Fitri Febrianti salaku Icih
Si Kabayan anu katelah pinter tapi bodo, bodo tapi pinter, tina gunem caturna jeung Nyi Iteung meunang ilham. Seja usaha neangan pangarupa jiwa pikeun maraban kulawarga.Kumaha ketakna Si Kabayan? Sumangga nyanggakeun pintonan drama, dina carios Si Kabayan Ngingu Munding.
            Si Kabayan Asup ka panggung drama, leumpang salse, kuliat, heuay, tuluy diuk sila tutug, ngagere ceuli ku bulu hayam, sirah lehek/dengdek, panon peureum hayameun, meureudeuy.Datang Nyi Iteung ngajingjing sapu nyere/injuk, jengkel, ambek, geregeteun.

Nyi Iteung        : (nyentak). Kabayan! Kunaon ceuli teh hayoh wae digere?Kumahamun tosblong,siah?Gawe kadituh, kaluman aing mah nenjona oge.
Si Kabayan       : (ayem, leuleuy). Jeeh, kunaon ari maneh, jikan?mani taya bosena kana
ambek-ambekan teh, sore isuk euweuh eureuna. Ulah kitu, matak terehkolot.
Nyi Iteung        : Kaluman atuh da, boga salaki tehmani euweuh pisan guam. Ngala-ngala suluhKaditu.
Si Kabayan       : Aaaaah, hoream euweuh bedogna.
Icih                  : Matak naon mun nginjem ka Abah?
Si Kabayan       : Embung ah, sok ngambek si Abah mah. Bisi nagih ongkoh, heug urang boga
Kenehhutang.
Nyi Iteung        : (jengkel). Iiih, lalaki teh teu uyuhan siah! Heug usaha atuh, ulah ngajentul
wae.Turutanbatur.
Si Kabayan       : Usaha kana naon , Teung?

Nyi Iteung        : Nya kana naon we atuh, kawas batur. Keun bae teu jadi Pagawe Negri oge, asalusaha nu halal.Tuh kawas Pak Haji, miara hayam, miara embe, atawa naon we atuh. Sing ayaguam hirup teh, da jelema mah teu ngenah dagingna. (Si Kabayan ngorejat, tuluynangtung, sura-seuri gumasep).
Si Kabayan       : Hehehe, heueuh bener, Teung. Asa diingetan, puguh uingtehhayang
diajarwisarwata, aeh naon the, cih?
Icih                  : (nyentak). Wiraswasta pa! Lain wisarwata.
Si Kabayan       : Jeeeeeeeh, nya ulah make nyentak atuh, Cih. Salah Saeutik mah meunang.
Nyi Iteung        : Heueuh rek kumaha atuh?
Si Kabayan       : Hehehe, kieu Teung. Akang rek badami jeung Si Lamsijan.Pokona mah Iteungulah hariwang, akang pasti usaha.
Icih                  : Jig atuh, ulah ulin wae. Sing mikir hirup teh.Sori pa, uiang mah milu k umi we.Pak, hoyong ngiring hehehe.
Si Kabayan       : Nya heueuh ieu ge rek mikir. Heueuh hayu, Cih.(Si Kabayang jeung Si Iteung
leumpang ngurilingpanggung. Nyi Iteung kaluar, Si Lamsijan asup ka panggung).
Si Lamsijan      : (sono). Eeeeeeeeh, geuning maneh, Kabayan?Rek kamana euy?
Si Kabayan       : Heueuh, bagea Jan. puguh rek ngahaja ka imah maneh.
Si Lamsijan      : (daria). Euleuh, aya naon, Kabayan?Asa rareuwas teuing euy.
Si Kabayan       : Ulah reuwas, da lain rek nagih. Puguh kuring teh rek diajar wiraswasta. Cik
mentabongbolangan, kana naon, nya?
Si Lamsijan      : Ooooooh, kitu? (nepakantak-tak lalaunan). Ke, ke, ke, kumaha, nya? Oh
heueuh, kumaha lamun ngingu lauk engkoy?
Si Kabayan       : (gogodeg). Embung, teu boga balongna, Jan.
Icih                  : (sumanget). Ngingu puyuh atuh, pa?
Si Kabayan       : (gogodeg). Embung ah, leutik endogna.
Si Lamsijan      : Aaaah, maneh mah, nya hayang naon atuh? Da usaha anu badag mah kudu gede modalna oge. Munhayang nu gede endognana, nya ngingu munding!
Si Kabayan       : (atoh, emprak). Tuaaaaaaah enya bener, etaaa, Jan. (nepak tak-takLamsijan).Hehehe,nuhun, Jan. kuring satuju ngingu munding mah.Maneh memang sobat anu sajati, Jan.
Si Lamsijan      : (ngoa). Hemh, boga duitna, nyah?
Si Kabayan       : (sombong). Wuah, duit mah gampang, Jan. aya Abah. Malah mah moal dilila-lila,ayeuna ge rek nepungan ka Abah.Pasti mere ari jang modal usaha mah.
Si Lamsijan      : Hemh, mani agul boga Abah galak teh.
Si Kabayan       : Galak-galak ge boga kuring mah. Hayu, maneh rek ngilu, Jan?
Si Lamsijan      : Moal ah, rek nempo belong. Jig we, didoakeun sing hasil.
Si Kabayan       : Heueuh jig atuh rek ka belong mah.
           
Abah jeung Ambu di panggung, datang Si Kabayan sura-seuri.

Abah                :(tatag). Kabayan.Ari maneh eling, henteu?
Si Kabayan       : Ari bah. Nya eling atuh.Iraha uing gelo?
Abah                : Lain nanaonan, eta we bet sura-seuri kawas anu gelo anyar?
Icih                  : (nyentak). Naooon?Gagabah teuing ka bapa uing teh Abah?
Abah                : Naha siah bet ngambek, Cih?
Ambu               : (tenang). Geus heubeul mereun, Bah.
Abah                : Boa enya, da geuning disebut gelo anyar mah ngambek.
Si Kabayan       : Eeeeeeeeeeh boga Abah jeung Embu teh sarua gelona. (reuwas, nungkup
biwir). AehPit, henteu ketang hehehe, hampura Bah, Mbu, Abah Kembu.
Ambu               : (nyentak). Naon siah?Nyebuk Kembu ka aing?
Abah                : Naha, saha anu nyebut Abah Kembu?
Icih                  : Nya Abah, bieu hehehe.
Ambu               : Eh, Abah. Ulah diajak ngomong wae si borokokok mah.Bisi tepa gelona.
Minantunurustunjung.Ka mitoha nyebut Kembu.
Si Kabayan       : Waaaaaaaah, ulah kitu atuh, Ambu.
Ambu               : (nyentak). Naon siah?Sakali deui nyebut kembu, dibabuk siah.
Abah                : Geus, geus, ulah kamalinaan, era kunu lalajo. Sok diuk, Kabayan. Abah rek
nanya. Reknaon maneh teh?
Si Kabayan       : Puguh ngahaja, uing jeung pun anak tehhayang tepung jeung Abah, jeung
Ambu.Sejanyanggakeun silaturahmi, Bah.
Icih                  : Bener, Bah.
Abah                : Aaah, make jeung hayang tepung sagala. Tara ti sasarina maneh mah, Kabayan.Mentaduit meureun, nya? Atawa rek nginjem pare?
Si Kabayan       : Tuuuuuuuh, da. Abah mah goreng wae ka uing teh. Can naon-naon geus nudingnu lain-lain. Ulah suudon, Bah.Goreng kalakuan kitu teh.Umat Islam mah kudu alus panyangka.
Abah                : Heueuh, lah. Maneh meunang.Sok, rek naon maneh tehatuh, Kabayan?
Ambu               : Wah, minantu jeung incu gejul wae diladenan, leob anggur mah.
Si Kabayan+Icih: Aduh, Embu mah mani tega ka urang duaan teh.
Ambu               : (ngancam). Tah, tah, tah, awas siah, geus nyembut deui kembu ka aing.
Si Kabayan       : Jeeeeeeeeh, saha nu nyebut Kembu? Henteu Embu, teu Embu, tapi geulis hehehe, dasar mitoha burung.
Ambu               : Pek siah! (ngamang-ngamangsendal).
Si Kabayan       : (muringis). Aduh, ampun, ampun, ampun, Embu!
Abah                :(nyentak). Eeeeeeh, geus, Ambu! Cicing atuh, aing rek ngomong.Sok teruskeun Kabayan rek naon sia teh?
Si Kabayan       :(daria). Bah, uing teh hayang diajar wisarwata, aeh, duh. Ku hese ngomong teh, nya?Naon ning? Oh enya,  wi..ra..swas..ta! tah kitu, Bah! Jadi, uing teh hayang diajar usaha,Bah.Tapi, teu boga modalna.
Abah                : Tuuuuuuuuh, pasti rek nginjem duit ka aing.
Si Kabayan       :Eeeeeeh, salah atuh, Bah. Salah! Geus goreng sangka deui bae Abah.Lain, lain rek nginjem, Bah. Tapi ngajak kerjasama. Urang bagi hasil bagi untung, Joint Bah, Joint!
Abah                : Naon Jointteh, Kabayan?
Icih                  : (motong pagunem). Usaha, tapi modalna papatungan, Bah.
Abah                : (daria). Oooh usaha?Usaha kana naon, euy?
Ambu               : Wuah, moal lutreuk si eta mah. Can aya dina kamusna, Si Kabayan bisa usaha.
Abah                :Eeeh, mangke lanan, Ambu. Urang dengekeun heula omongannana.
Si Kabayan       : Hehehe, Ambu mah ka uing teh sengit wae.
Abah                : Sok tuluykeun, Kabayan. Usaha naon tea euy?Kumaha papatungan teh?
Si Kabayan       : Kieu, Bah. Urang meuli munding.Modalna papatungan, miarana ku duaan babarengan.Tapi sangkan adil, urang bagi dua miarana teh.
Abah                : Kumaha carana?
Icih                  : Urang sapotong ewang, Abah bujurna, bapa huluna.Abi beuteungna.
Abah                : His, ke heula, ulah gagabah nyieun kacindekan teh. Naha Si Kabayan makemiara huluna?
Si Kabayan       : Ngarah teu kudu miceunan taina. Maraban we wungkul.
Abah                : Ambu, cing aing menta bongbolangan yeuh. Mun kitu carana, mana nu kudu dipilih?Huluna, atawa bujurna?
Ambu               : (tandes). Nya mending huluna atuh, miara bujur mah kudu miceunan taina.Nu kitu patut mah bikeun ka Si Kabayan.
Abah                : (daria, tandes). Satuju, bener pisan eta pamadegan teh, Ambu.Moal enya kolot kudu miceunan taina? Hey, Kabayan!
Icih+Si Kabayan: Kumaha, Bah?
Abah                : Heugaing daek papatungan jeung maneh, tapi aing huluna, meneh bujurna. Lamunsatuju kitu, heug.Henteu mah, moal.
Si Kabayan       : Geus atuh ari kitu mah heug. Uing ge satuju, ngelehan we ka kolot mah.
Icih                  : Horeeee. Deal ayeuna mah hehehe.

Dicaritekun Si Kabayang, anakna jeung Abahna beres meuli munding ka tangkulakanu lumayan gede. Tuluy ku tiluan di urusna.Si Kabayan bagean miceunan taina, Abah bagean maraban ari Si Icih mah ngala jang kadaharannana.Geus aya sababaraha bulan Si Kabayan rungsing.Kunaon?Padahal nungguan eta munding sina ngendog tapi henteu keneh wae.Tuluy Si Kabayan ngadatangan Si Lamsijan ka imahna.

Si Kabayan       : Jan, geuning munding uing teh teu daekeun ngendog wae? Maneh ngawadulan uing, lin?Geus sababaraha bulan euweuh hasilna?
Si Lamsijan      : (ngagalakgak). Hahaha, nya ti jaman iraha munding bisa ngendog atuh?Kuring mah baheula teh heureuy.Maneh we nganggepna enyaan.
Icih                  : (reuwas, aneh, hayang seuri). hah! Nungguan ngendog? Munding mah ngajuru atuh, lain ngendog! Uing geus bebeakan ngarayu Abah.Dasar boga bapa teh ripuh ieu mah.Huuuuh.
Si Kabayan       : kunaon teu ngabejaan uing atuh? Uing geus bebeakan ngurus eta munding jeung Abah.
Si Lamsijan      : Geus we peuncit, kapalang kagok hehehe.
Si Kabayan       : Heueuh bener oge, pan munding mah ngajuru lain ngendog. Jeung deui mundingna ge jalu.Kumaha arek anakkan.(sabari nepukan tarang sorangan. Si Lamsijan teu eureun-eureun seuseurian, Si Icih gogodeg).
           
Si Kabayan balik ka imahna sabari mawa hulu munding.Nyampak Nyi Iteung geus siap-siap arek nyerekan Si Kabayan anu gawe tapi euweuh hasilna.Ku sabab geus ngajakan patungan jeung Abahna, Si Kabayan oge di cacarek ku Abah jeung Ambuna.

Sadayana         : Kabayaaaaaan! Kunaon maneh teh bodo-bodo teuing!
Icih                  : Aduuuuuuuuuh! Ari sugan teh bisa usaha bapa uing teh, boro mah di bantuan.Angger we saganu atuh.Huuuuuuuh.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar