Assalamualaikum
Wr. Wb
Langkung tipayun
mangga urang sami-sami manjatkeun puja sinareng puji ka hadirat zat nu maha
suci nyaeta Allah SWT, rehna dina waktos anu mulia ieu urang sadayana tiasa
kempel di rohangan kelas X-1 dina kaayaan sehat walafiat.
Shalawat
sinareng salam mugia salamina ginuluran ka kanjeng nabi akhir zaman, nyaeta
kanjeng Nabi Muhammad SAW, ka kaluargana, ka para sahabatna, sinareng urang
sadayana salaku umatna dugi ka akhir zaman. Amien Ya Robbal Alamien…..
Hadirin anu
ku sim kuring di pikahormat.
Dina waktos
anu mulia ieu sim kuring salaku siswa di SMAN 1 Jampangkulon bade medarkeun
salah sawios pancen, nyaeta ngajelaskeun pangaruh positive sareng negative tina
internet.
Di zaman
globalisasi ieu, internet geus jadi babaturan urang nu teu bisa dipisahkeun.
Sabab, dina internet loba pisan warta-warta anu penting boh palajaran, boh caritaan
nu up to date. Tapi masyarakat ayeuna geus loba anu salah ngagunakeun internet,
salah sahijina budak SMA. Contona, nonton film jeung foto nu teu pantes di
tonton ku umuran para rumaja. Eta salah sahiji conto pangaruh negative tina
internet. Conto nu lain na nyaeta bisa nyebarkeun berita bohong, gossip, kajahatan
nipu batur, ngadewasakeun nu can waktuna, jeung sajabana. Padahal internet teh boga
fungsi nu guna pisan. Urang Jampang bisa nyaho kaayaan di Amerika Serikat,
palajaran Matematika, Ipa, Ips jeung nu lainna aya dina internet, promosi-promosi,
medarkeun warta penting, bisa nulis surat nu langsung ka kirim, komunikasi
langsung jeung jalma salain ti nagara Indonesia, silaturahmi neangan babaturan
anu sering disebut Facebook, Twitter, Chating, E-mail, jeung nu sejena. Tapi
kunaon masyarakan zaman ayeuna loba nu salah ngadeskripsikeun kagunaan tina
internet???
Nu pamungkas
sim kuring bade ngajak ka sadayana hayu urang gunakeun internet nu positive na,
jauhkeun pagawean-pagawean nu salah tina internet. Mudah-mudahan biantara sim
kuring aya manfaatna, umumna ka sadayana, khususna ka sim kuring sorangan.
Punten upami
aya ucapan sim kuring anu teu merenah kana mamanahan, hatur nuhun kana sagala perhatosanna………………………..
Billahitaufik’walhidayyah.
Wassalamualaiku, Wr.Wb.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar